Jumat, 06 November 2009

Prasasti Batutulis di Bogor

Prasasti Batutulis nyaeta hiji prasasti nu perenahna di jalan Batutulis, Kalurahan Batutulis, Kacamatan Bogor Selatan, Kota Bogor. Komplek Prasasti Batutulis legana 17 x 15 meter. Batu prasasti jeung barang-barang lianna paninggalan karajaan Sunda aya di komplek ieu. Dina batu ieu diukir kalimah-kalimah dina basa jeung aksara Sunda kuna

Prasasti Batutulis geus dialihaksarakeun ku sababaraha urang ahli, di antarana Friederich (1853), Holle (1869), Pleyte (1911), Poerbatjaraka (1921), jeung Noorduyn (1957). Ku Saléh Danasasmita, alihaksarana téh kieu,

  1. 0 0 wang na pun ini sakakala, prebu ratu purané pun, diwastu
  2. diya wingaran prebu guru déwataprana diwastu diya dingaran sri
  3. baduga maharaja ratu haji di pakwan pajajaran sri sang ratu dé-
  4. wata pun ya nu nyusuk na pakwan diya anak rahyang nis-
  5. kala sa(ng) sida-mokta di gunatiga i(n)cu rahyang niskala wastu
  6. ka(n)cana sa(ng), sida-mokta ka nusalara(ng), ya siya nu nyiyan sakaka-
  7. la gugunungan ngabalay nyiyan samida, nyiyan sanghyang talaga
  8. rena mahawijaya, ya siya pun 0 0 i saka, panca panda-
  9. wa '(m)ban bumi 0 0

Tarjamah

Tulisan nu diukirkeun dina prasasti Batutulis

Tarjamahna kira-kira kieu:

  1. muga-muga salamet ieu tanda paringetan, Prabu Ratu almarhum, dinobatkeun
  2. anjeunna kalayan jeneng Prabu Guru Dewataprana, dinobatkeun (deui) anjeunna kalayan ngaran Sri
  3. Baduga Maharaja Ratu Haji di Pakuan Pajajaran Sri Sang Ratu De-
  4. wata anjeunna nu nyieun susukan di Pakuan anjeunna anak Rahyang Nis-
  5. kala nu dikurebkeun di Gunatiga incu Rahyang Niskala Wastu
  6. Kancana, nu dikurebkeun di Nusalarang, anjeunna nu nyieun paringet-
  7. an gugunungan, ngabalay nyieun hambalan keur leuweung Samida, nyieun Sanghyang Talaga
  8. rena Mahawijaya, (dijieun) dina (taun) Saka, "Panca Panda-
  9. wa Ngemban Bumi"

Batutulis atawa prasasti nyaéta piagem atawa dokumén nu ditulis dina bahan nu teuas jeung kuat lila. Bahan ieu biasana mangrupa batu atawa lémpéngan logam, biasana tina tambaga. Kecap ieu dipilih sabab mibanda harti nu sarua dina Basa Sangsakerta jeung Basa Jawa (Kuna), nu mangrupakeun dua basa nu saring dipaké keur nulis prasasti di Indonésia jaman baheula.

Aya sababaraha istilah séjén keur prasasti. Dina Basa Latin, prasasti disebut inskripsi. Di Malaysia, istilah nu sering dipaké nyaéta "batu bersurat" atawa "batu bertulis". sanajan leuwih gampang dipikaharti, tapi pengertian ieu leuwih sempit tibatan "prasasti", sarta henteu kabéh prasasti dituliskeunnana dina batu. Tapi, dina masngsa kapungkur, Indonésia ogé sering maké istilah "batu bertulis", misalna Prasasti Batutulis di Bogor, nepi ka ngaranna ogé dipaké jadi ngaran pakampungan.

Dina harti modéren di Indonésia, prasasti sering dikaitkeun jeung tulisan dina paésan atawa dina gedong, utamana nalika neundeun batu munggaran.

Prasasti Astana Gede Kawali, Ciamis.

Prasasti Kawali nujul sakumpulan prasasti (sahanteuna aya genep) nu kapanggih di Kabuyutan Astana Gedé di Kawali, Ciamis, Jawa Kulon. Prasasti ieu migunakeun basa jeung aksara Sunda Kuna (Kaganga). Najan teu mibanda candrasangkala, tina prasasti Kawali I bisa dikira-kira asalna dumasar ngaran raja nu disebut dina éta prasasti.

Prasasti Kawali I

Gambar séjénna.

Prasasti Kawali I mibanda tulisan di dua sisi, nyaéta di bagian beungeut jeung bagian sisi nu kandel.

Tulisan di bagian beungeut prasasti (per baris):

  1. nihan tapa kawa-
  2. li nu sang hyang mulia tapa bha-
  3. gya parëbu raja wastu
  4. mangadeg di kuta kawa-
  5. li nu mahayuna kadatuan
  6. sura wisesa nu marigi sa-
  7. kuliling dayeuh. nu najur sakala
  8. désa aja manu pandeuri pakéna
  9. gawé ring hayu pakeun heubeul ja-
  10. ya dina buana

Tulisan di bagian sisi nu kandel (per baris):

  1. hayua diponah-ponah
  2. hayua dicawuh-cawuh
  3. inya neker inya angger
  4. inya ninycak inya rempag


"Ieu tapak di Kawali ti tapa Sang Hyang Mulia Prabu Raja Wastu anu maréntah di Kawali, nu geus mapaésan kadatuan Surawisésa, nu marigi sakuriling dayeuh, nu ngamakmurkeun sakabéh wilayah. Pikeun nu rék datang, geura paké gawé nu rahayu sangkan lila jaya dunya."
"Ulah diruksak!
Ulah samena-mena!
Mun dipiara bakal angger
Mun ditincak bakal rempag"

Dumasar babandingan jeung titinggal sajarah lianna, kayaning Carita Parahyangan jeung Pustaka Rajya-rajya i Bhumi Nusantara, bisa cindekkeun yén prasasti Kawali I mangrupakeun sakakala atawa pangéling-ngéling ka Prabu Niskala Wastu Kancana (Prabu Raja Wastu), nu ngadaton karajaan Sunda ti Kawali, putra Linggabuana nu gugur nalika perang Bubat.

Prabu Silihwangi ngagaduhan dua urang garwa nyaéta Nyimas Tejamantri sarta Nyimas Padmawati anu jadi permaisuri. Ti Nyimas Tejamantri, Prabu Silihwangi ngengingkeun saurang putra nyaéta Guru Gantangan. Sedengkeun ti permaisuri Nyimas Padmawati, raja ngenginkeun putra anu diwastaan Mundinglaya. Béda umur antara Guru Gantangan jeung Mundinglaya pohara jauhna. Waktu Guru Gantangan ditunjuk jadi bupati di Kutabarang sarta geus lakirabi, Mundinglaya masih keneh budak leutik.

Alatan henteu miboga anak, Guru Gantangan miara anak kukut anu dibéré ngaran Sunten Jaya. Guru Gantangan ogé hayang ngurus jeung ngagedekeun Mundinglaya minangka anakna. Waktu Guru Gantangan ménta Mundinglaya ti prameswari Nyimas Padmawati, prameswari maparin putrana sabab uninga yén Guru Gantangan pohara mikanyaahna ka Mundinglaya.

Mangkat rumaja katangen pisan kategepan Mundinglaya. Katambih ku pasipatanana anu sae budi. Tebih pisan bentenna sareng Suntenjaya anu sipatna awon pisan. Kumargi Nyi Mas Ratna Inten nyaah pisan ka Mundinglaya, Suntenjaya janten sirik pisan ka Munding Laya. Guru Gantangan oge jenten timburu, gaduh sangki anu awon sareng ngaraos disapirakeun ku bojona. Pon kitu Suntenjaya asa kasilihkeun. Nya eta pisan anu ngarobih kanyaahna Guru Gantangan ka Mundinglaya janten kaceuceub anu ahirna Mundinglaya dikerem di pangberokan Kutabarang, ku margi dianggap ngalakukeun lampah nirca, sanaos harita Mundinglaya the masih kacida rumajana.

Di Pajajran, puseur karajaan Sunda, harita teh nuju meujeuhna angkeub, halodo entak-entakan sareng seueur jalmi nu kaserang kasawat. Katambih tumuwuhna pacengkadan di lingkungan kulawarga karaton sabadana Mundinglaya diberok.

Dina hiji waktos Nyi Mas Padmawati ngimpen ningali Layang Salaka Domas nu aya di Jabaning Langit kalayan dijaga ku Guriang Tujuh. Dina impenannana, aya wartos wirehna sing saha anu tiasa ngengingkeun eta layang, baris kenging kahormatan, kabagjaan, katengtreman, karaharjaan sareng kasalametan kanggo nagara miwah rahayatna. Eta impenan dicarioskeun ka Prabu silihwangi. Prabu Silihwangi hemeng galihna henteu percanten bakal aya jalmi anu sanggem angkat ka Jabaning Langit bari nyandak Layang Salaka Domas tina kakawasaan Guriang Tujuh; asa pamohalan pisan.

Antukna Prabu Silihwangi ngayakeun gempungan di pasewakan kangggo nangtoskeun saha anu sanggem ka Jabaning Langit. Pasewakan diluuhan ku rahayat Pajajaran, Nyi Mas Tejamantri, Guru Gantangan sareng putrana, Suntenjaya. Tapi henteu aya saurang oge anu nembongkeun kasayagianana. Ki lengser, ngusulkeun supados Mundinglaya anu aya di pangberokan Kutabarang oge ditaros.

Sanaos usulan ki Lengser henteu disatujuan ku Suntenjaya sareng Guru Gantangan, nu ngariung rempug satuju kana usul ki Lengser. Mundinglaya diusulkeun supados enggal dibebaskeun. Patih Gelap Nyawang sareng Kidang Pananjung nyuhunkeun idin ka Guru Gantangan supados ngaluarkeun Mundinglaya tina pangberokan.

Saparantosna ngalakonan sadaya panalek ti balarea, Mundinglaya kalawan henteu ngawagu langsung bae nampi sagala pancen ti ramana, Prabu Siliwangi. Patih Gelap Nyawang jeung Kidang Pananjung gasik tatahar kanggo miangkeun Mundinglaya ka Jabaning Langit.

Sababaraha dinten Mundinglaya dilatihan perang sareng rupi-rupi elmu gelut sinareng ngagunakeun rupi-rupi pakarang kanggo mayunan sagala hahalang dina lalampahanana. Oge henteu kakantun Mundinglaya diancrubkeun kana Leuwi Sipatahunan supados beresih jiwana.

Dina dinten anu tos ditangtoskeun Mundinglaya angkat, kalawan pangesto ti ibu sareng ramana, diiring ku Gelap Nyawang sareng Kidang Pananjung, oge ti sakumna rahayat Pajajaran.

Kumargi Mundinglaya henteu kantos aangkatan ka luar Pajajaran, anjeunna henteu terang jalan. Sumerah ka nu Maha Kawasa, Mundinglaya angkat ngalangkungan leuweung geledegan kanggo ngajugjug Jabaning Langit. Dina lalampahan ka Jabaning Langit, Mundinglaya ngalangkung ka karajaan bawahan / karajaan alit nyaeta karajaan Muaraberes atanapi nagri Tanjung Barat (nua aya di Pasar Minggu Jaksel kiwari). Di eta nagri, Mundinglaya papendak sareng Dewi Asri. Dewi Asri anu dikenal oge sabage Dewi Kania atanapi Dewi Kinawati teh putrina Mental Buana incuna Munding Kawati. Mundinglaya sareng Dewi Asri kedal pasini jangji bade patepang deui saparantos Mundinglaya rengse mancen tugas ti ingkang rama.

Salajengna Mundinglaya dijajap ku Patih Gelap Nyawang sareng Patih Kidang Pananjung oge teuteup Dewi Asri. Patih Gelap Nyawang jeung Patih Kidang Pananjung gura-giru nyayagikeun parahu kanggo Mundinglaya ngajugjug Atas Angin. Dugi ka Pulo Putri. Patih Kidang Pananjung sareng Patih Gelap Nyawang dipiwarang nungguan Mundinglaya dugi ka rengsena ngemban pancen nyangking Layang Salaka Domas.

Lalakon lalampahan Mundinglaya salajengna sihoreng sanes nyorang jalan ngabulungbung anu caang padang narawangan, malihan jalan anu rembet, rumpil sareng seueur cucuk rungga sareng rangrangna anu ngahalang-halang kana lajuna lalampahan Mundinglaya. Namung sanaos kitu anjeunna henteu unggut kalinduan. Tekadna buleud disarengan ku kasadaran wireh anjeunna baris nyorang sagala hahalang.

Dina lalampahan anjeunna pendak sareng raksesa Jonggrang Kalapitung anu ngahalangan jalanna. Numung eta raksesa tiasa diayonan ku Munding Laya.

Rengse ngayonan Jonggrang Kalapitung, Mundinglaya reureuh heula. Ngumpulkeun deui lelembutanana anu kabengbat ku urusan gelut. Mundinglaya nyangsaya kana tangkal katapang nyawang pilampaheun anu natrat na angen-angenna. Manahna manteng ka Nu Maha Agung sangkan laksana panedana. Sukmana kumalayang ngambah awang-awang.

Kalawan dijajap ku Jonggrang Kalapitung, Mundinglaya naek ka langit kahiji, kadua, katilu, sareng saterasna dipungkas dugi ka langit anu katujuh. Di langit ka tujuh Mundinglaya paamprok sareng Guriang Tujuh anu ngajaga layang salaka domas. Mundinglaya nyarioskeun maksadna wireh anjeunna peryogi layang salaka domas kanggo nagarana anu nuju nyorang katunggaraan, pacengkadan, kasawat sareng hahalodoan. Namung eta layang henteu dipasihkeun ku Guriang Tujuh.

Mundinglaya mesat keris. Namung dumadakan aya gelap ngabaranyay disarengan sora ngajegur matak katorekan. Mundinglaya tipental, ragrag ka langit kagenep ngalempreh teu empes-empes.

Di kahiyangan, para pohaci pating lalengis maridangdam. Utamina pohaci Wirumananggay anu kacida prihatinna ningali Mundinglaya ngalungsar ngababatang. Mundinglaya disangkeh terus disenderkeun dina lahunan, lalaunan embun-embunanana ditiup bari diparancahan.

Saparantos Mundinglaya hirup deui, Nyi Pohaci mamagahan anjeunna supados henteu ngalawan ku cara anu heuras malih kedah ngalawan ku kasabaran, nurutkeun kumaha kahayangna. Mundinglaya naek deui ka langit katujuh. Pendak deui sareng Guriang Tujuh. Guriang Tujuh ngawitan ngaharegaan kana karep Mundinglaya anu gaduh tekad bade ngadamel kasaean. Layang Salaka Domas dipaparin ka Mundinglaya.

Di Kutabarang, Suntenjaya sasat jigrah saangkatna Mundinglaya ka Jabaning Langit. Asa mobok manggih gorowong, aya jalan komo meuntas. Meungpeung Mundinglaya nuju suwung di nagara, Suntenjaya bade maranan Dewi Asri kanggo diolo supados kersaeun dijantenkeun bojona. Sunten Jaya mapeg wadia balad miang ke Muaraberes.

Dina waktos anu harengheng, Mundinglaya dugi ka Pajajaran teras ka Muaraberes. Sunten Jaya kasoran mundur ti Muaraberes. Salajengna Prabu Silihwangi ngangkat Mundinglaya janten raja di Pajajaran kalayan gelar Mundinglaya Dikusumah. Henteu lami ti harita Mundinglaya ngajodo sareng Dewi Asri. Pajajaran janten aman deui sareng subur makmur.

Karajaan Sunda (669-1579 M), numutkeun naskah Wangsakerta mangrupa karajaan nu ngadeg ngaganti Tarumanagara nu kabagi dua jeung 'kembaranana', Galuh. Karajaan Sunda diadegkeun ku Tarusbawa taun 591 Caka Sunda (669 M). Masih numutkeun Naskah Wangsakerta, Karajaan Sunda oge ngawengku wilayah anu kiwari jadi Provinsi Lampung sanggeus putri Karajaan Lampung nikah jeung putera mahkota Karajaan Sunda. Lampung dipisahkeun ti bagéan karajaan Sunda nu di pulo Jawa ku Selat Sunda.
Wilayah urut Karajaan Sunda
Karajaan Sunda (669-1579 M), numutkeun naskah

Saméméh ngadeg salaku karajaan anu mandiri, Sunda téh mangrupa bawahan Tarumanagara. Raja Tarumanagara nu panungtung, Sri Maharaja Linggawarman Atmahariwangsa Panunggalan Tirthabumi (maréntah ukur tilu taun, 666-669 M), kawin ka Déwi Ganggasari ti Indraprahasta. Ti Ganggasari, anjeunna gaduh dua putra, duanana awéwé. Déwi Manasih, cikalna, kawin ka Tarusbawa ti Sunda, sedengkeun nu kadua, Sobakancana, kawin ka Dapuntahyang Sri Janayasa, nu salajengna ngadegkeun karajaan Sriwijaya. Nalika Linggawarman pupus, kakawasaan Tarumanagara ragrag ka minantuna, Tarusbawa. Hal ieu ngabalukarkeun pangawasa Galuh, Wretikandayun (612-702) baruntak, ngaleupaskeun diri ti Tarumanagara, sarta ngadegkeun Galuh nu mandiri. Ti pihak Tarumanagara sorangan, Tarusbawa ogé teu hayang neruskeun karajaan Tarumanagara. Tarusbawa lajeng mindahkeun kakawasaanana ka Sunda, sedengkeun Tarumanagara dirobah jadi bawahanana. Anjeunna diwastu/dijenengkeun raja Sunda dina poé Radite Pon, 9 Suklapaksa, bulan Yista, taun 519 Saka (kira 18 Méi 669 M). Sunda jeung Galuh ieu sapuk, yén wates karajaanana téh nyaéta walungan Citarum (Sunda di béh kulon, Galuh di béh wétan).

Karajaan 'kembar' Sunda jeung Galuh, nu diwatesan ku walungan Citarum.

[édit] Karajaan kembar

Putra Tarusbawa nu cikal, Rarkyan Sundasambawa, pupus anom kénéh, ninggalkeun hiji putra istri, Nay Sekarkancana. Putuna ieu lajeng ditikah ku Rahyang Sanjaya ti Galuh, dugi ka gaduh putra hiji, Rahyang Tamperan. Nalika Tarusbawa pupus (723), kakawasaan Sunda ragrag ka Sanjaya, nu dina taun éta ogé hasil ngarebut kakawasaan Galuh ti Rahyang Purbasora (nu ngarebut kakawasaan Galuh ti ramana, Bratasenawa/Rahyang Séna). Ku kituna, dina leungeun Sanjaya, Sunda jeung Galuh ngahiji deui. Pikeun neruskeun kakawasaan ramana nu nikah ka putri raja Keling (Kalingga), taun 732 Sanjaya masrahkeun kakawasaan Sunda-Galuh ka putrana, Tamperan. Di Keling, Sanjaya nyepeng kakawasaan salila 22 taun (732-754), nu lajeng diganti ku putrana ti Déwi Sudiwara, Rarkyan Panangkaran.

Rahyang Tamperan ngawasa Sunda-Galuh salila tujuh taun (732-739), lajeng ngabagi kakawasaan ka dua putrana: Sang Manarah (dina carita rahayat disebut Ciung Wanara) di Galuh sarta Sang Banga (Hariang Banga) di Sunda. Sang Banga (Prabhu Kertabhuwana Yasawiguna Hajimulya) jadi raja salila 27 taun (739-766), tapi ngawasa Sundana mah ti taun 759.

Ti Déwi Kancanasari, turunan Demunawan ti Saunggalah, Sang Banga gaduh putra, ngaranna Rarkyan Medang, nu salajengna neruskeun kakawasaanana di Sunda salila 17 taun (766-783) maké gelar Prabhu Hulukujang. Kusabab putrana istri, Rakryan Medang ngawariskeun kakawasaanana ka minantuna, Rakryan Hujungkulon atawa Prabhu Gilingwesi (ti Galuh, putra Sang Mansiri), nu ngawasa Sunda salila 12 taun (783-795). Kusabab Rakryan Hujungkulon ieu ogé putraan istri, mangka kakawasaan Sunda lajeng ragrag ka minantuna, Rakryan Diwus (gelar Prabu Pucukbhumi Dharmeswara) nu ngawasa salila 24 taun (795-819). Ti Rakryan Diwus, kakawasaan Sunda ragrag ka putrana, Rakryan Wuwus, nu nikah ka putrana Sang Welengan (raja Galuh, 806-813). Kakawasaan Galuh ogé ragrag ka anjeunna nalika dahuanana, Sang Prabhu Linggabhumi (813-842), pupus. Kakawasaan Sunda-Galuh dicepeng ku Rakryan Wuwus (kalawan gelar Prabhu Gajahkulon) dugi ka pupusna taun 891.

Sapupusna Rakryan Wuwus, kakawasaan Sunda-Galuh ragrag ka adi beuteungna ti Galuh, Arya Kadatwan. Ngan, kusabab teu dipikaresep ku para pangagung ti Sunda, anjeunna ditelasan (895), sedengkeun kakawasaanana diturunkeun ka putrana, Rakryan Windusakti. Kakawasaan ieu lajeng diturunkeun ka putra cikalna, Rakryan Kamuninggading (913). Rakryan Kamuninggading ngawasa Sunda-Galuh ukur tilu taun, sabab lajeng direbut ku adina, Rakryan Jayagiri (916). Rakryan Jayagiri ngawasa salila 28 taun, lajeng diwariskeun ka minantuna, Rakryan Watuagung, taun 942. Neruskeun dendam kolotna, Rakryan Watuagung direbut kakawasaanana ku alona (putra Kamuninggading), Sang Limburkancana (954-964). Ti Limburkancana, kakawasaan Sunda-Galuh diwariskeun ka putra cikalna, Rakryan Sundasambawa (964-973). Ku sabab teu gaduh putra, ti Sundasambawa kakawasaan téh ragrag ka adi beuteungna, Rakryan Jayagiri (973-989).

Rakryan Jayagiri ngawariskeun kakawasaanana ka putrana, Rakryan Gendang (989-1012), diteraskeun ku putuna, Prabhu Déwasanghyang (1012-1019). Ti Déwasanghyang, kakawasaan diwariskeun ka putrana, lajeng ka putuna nu ngadamel prasasti Cibadak, Sri Jayabhupati (1030-1042). Sri Jayabhupati téh minantuna Dharmawangsa Teguh ti Jawa, mitoha raja Érlangga (1019-1042).

Ti Sri Jayabhupati, kakawasaan diwariskeun ka putrana, Dharmaraja (1042-1064), lajeng ku incu minantuna, Prabhu Langlangbhumi ((1064-1154). Prabu Langlangbhumi diteraskeun ku putrana, Rakryan Jayagiri (1154-1156), lajeng ku putuna, Prabhu Dharmakusuma (1156-1175). Ti Prabu Dharmakusuma, kakawasaan Sunda-Galuh diwariskeun ka purtana, Prabhu Guru Dharmasiksa, nu maréntah salila 122 taun (1175-1297). Dharmasiksa mingpin Sunda-Galuh ti Saunggalah salila 12 taun, tapi lajeng mindahkeun puseur pamaréntahanana ka Pakuan Pajajaran, balik deui ka tempat munggaran karuhunna (Tarusbawa) mingpin karajaan Sunda.

Sapupusna Dharmasiksa, kakawasaan Sunda-Galuh turun ka putrana nu cikal, Rakryan Saunggalah (Prabhu Ragasuci), nu ngawasa salila genep taun (1297-1303). Prabhu Ragasuci lajeng digentos ku putrana, Prabhu Citraganda, nu ngawasa salila dalapan taun (1303-1311), lajeng ku turunanana deui, Prabu Linggadéwata (1311-1333). Kusabab putrana istri, Linggadéwata nurunkeun kakawasaanana ka minantuna, Prabu Ajiguna Linggawisésa (1333-1340), lajeng ka Prabu Ragamulya Luhurprabawa (1340-1350). Ti Prabu Ragamulya, kakawasaan diwariskeun ka putrana, Prabu Maharaja Linggabuanawisésa (1350-1357), nu dina panungtung kakawasaanana perlaya di Bubat (baca Perang Bubat). Kusabab nalika kajadian di Bubat, putrana -- Niskalawastukancana -- alit kénéh, kakawasaan Sunda saheulaanan dicepeng k Patih Mangkubumi Sang Prabu Bunisora (1357-1371).

Sapupusna Prabu Bunisora, kakawasaan balik deui ka putrana Linggabuana, Niskalawastukancana, nu lajeng ngawasa salila 104 taun (1371-1475). Ti istri nu kahiji, Nay Ratna Sarkati, anjeunna gaduh putra Sang Haliwungan (Prabu Susuktunggal), nu dipasihan kakawasaan bawahan di wewengkon kuloneun Citarum (wewengkon asal Sunda). Prabu Susuktunggal nu ngawasa ti Pakuan Pajajaran, ngaropéa puseur pamaréntahan ieu ku ngadegkeun karaton Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati. Pamaréntahanana kawilang lila (1382-1482), sabab geus dimimitian nalika ramana ngawasa kénéh di wewengkon wétan.

Ti Nay Ratna Mayangsari, istrina nu kadua, anjeunna gaduh putra Ningratkancana (Prabu Déwaniskala), nu neruskeun kakawasaan ramana di wewengkon Galuh (1475-1482).

Susuktunggal jeung Ningratkancana ngahijikeun ahli warisna ku nikahkeun Jayadéwata (putra Ningratkancana) ka Ambetkasih (putra Susuktunggal). Taun 1482, kakawasaan Sunda jeung Galuh dihijikeun deui ku Jayadéwata (gelarna Sri Baduga Maharaja). Sapupusna Jayadéwata, kakawasaan Sunda-Galuh turun ka putrana, Prabu Surawisésa (1521-1535), lajeng Prabu Déwatabuanawisésa (1535-1543), Prabu Sakti (1543-1551), Prabu Nilakéndra (1551-1567), sarta Prabu Ragamulya atawa Prabu Suryakancana (1567-1579). Prabu Suryakancana ieu mangrupakeun pamingpin karajaan Sunda-Galuh anu pamungkas, sabab sanggeus sababaraha kali ditarajang ku pasukan ti Kasultanan Banten, dina taun 1579 mah serangan ti Banten téh nepi ka ngaruntagkeun kakawasaanana.


Raja-raja Karajaan Sunda

Di handap ieu runtuyan raja-raja nu kungsi mingpin Karajaan Sunda numutkeun naskah Pangéran Wangsakerta (mangsa kawasa dina Maséhi):

  1. Tarusbawa (minantu Linggawarman, 669 - 723)
  2. Harisdarma, atawa Sanjaya (minantu Tarusbawa, 723 - 732)
  3. Tamperan Barmawijaya (732 - 739)
  4. Rakeyan Banga (739 - 766)
  5. Rakeyan Medang Prabu Hulukujang (766 - 783)
  6. Prabu Gilingwesi (minantu Rakeyan Medang Prabu Hulukujang, 783 - 795)
  7. Pucukbumi Darmeswara (minantu Prabu Gilingwesi, 795 - 819)
  8. Rakeyan Wuwus Prabu Gajah Kulon (819 - 891)
  9. Prabu Darmaraksa (adi beuteung Rakeyan Wuwus, 891 - 895)
  10. Windusakti Prabu Déwageng (895 - 913)
  11. Rakeyan Kamuning Gading Prabu Pucukwesi (913 - 916)
  12. Rakeyan Jayagiri (minantu Rakeyan Kamuning Gading, 916 - 942)
  13. Atmayadarma Hariwangsa (942 - 954)
  14. Limbur Kancana (putra Rakeyan Kamuning Gading, 954 - 964)
  15. Munding Ganawirya (964 - 973)
  16. Rakeyan Wulung Gadung (973 - 989)
  17. Brajawisésa (989 - 1012)
  18. Déwa Sanghyang (1012 - 1019)
  19. Sanghyang Ageng (1019 - 1030)
  20. Sri Jayabupati (Detya Maharaja, 1030 - 1042)
  21. Darmaraja (Sang Mokténg Winduraja, 1042 - 1065)
  22. Langlangbumi (Sang Mokténg Kerta, 1065 - 1155)
  23. Rakeyan Jayagiri Prabu Ménakluhur (1155 - 1157)
  24. Darmakusuma (Sang Mokténg Winduraja, 1157 - 1175)
  25. Darmasiksa Prabu Sanghyang Wisnu (1175 - 1297)
  26. Ragasuci (Sang Mokténg Taman, 1297 - 1303)
  27. Citraganda (Sang Mokténg Tanjung, 1303 - 1311)
  28. Prabu Linggadéwata (1311-1333)
  29. Prabu Ajiguna Linggawisésa (1333-1340)
  30. Prabu Ragamulya Luhurprabawa (1340-1350)
  31. Prabu Maharaja Linggabuanawisésa (nu perlaya dina Perang Bubat, 1350-1357)
  32. Prabu Bunisora (1357-1371)
  33. Prabu Niskalawastukancana (1371-1475)
  34. Prabu Susuktunggal (1475-1482)
  35. Jayadéwata (Sri Baduga Maharaja, 1482-1521)
  36. Prabu Surawisésa (1521-1535)
  37. Prabu Déwatabuanawisésa (1535-1543)
  38. Prabu Sakti (1543-1551)
  39. Prabu Nilakéndra (1551-1567)
  40. Prabu Ragamulya atawa Prabu Suryakancana (1567-1579)
Catetan sajarah ngeunaan Pangéran Wangsakerta aya dina naskah perjangjian antara Karaton Cirebon jeung VOC. Nu nawis éta perjangjian ti pihak Cirebon nyaéta Sultan Sepuh (Pangéran Mertawijaya), Sultan Anom (Pangéran Kertawijaya), jeung Pangéran Wangsakerta katut genep urang anggota jaksa pepitu séjénna.

Numutkeun Saléh Danasasmita, ngaran Pangéran Wangsakerta ampir taya nu mikawanoh dina kahirupan sapopoé sajarah Cirebon, sabab leuwih dipiwanoh salaku Panembahan Cirebon I nu nyepeng kalungguhan "Asistén Sultan Sepuh". Dina sumber VOC séjén, anjeunna katelah ogé salaku de derde Prins van Cheribon (Pangéran Katilu Cirebon), sedengkeun dina buku seri Priangan nu disusun ku F. De Haan, anjeunna katelah salaku Depati Topati (Adipati Tohpati), kalawan katerangan (nyutat tina laporan B. van der Meer & Jan Mulder) yén anjeunna teu kaasup kawargian karaton Banten.

Katerangan panglengkepna ngeunaan Pangéran Wangsakerta, aya dina naskah Pustaka Nagarakretabhumi parwa I, sarga 4, nu disusun ku anjeunna pribadi. Naskah éta nyebutkeun yén anjeunna saindung sabapa jeung Sultan Sepuh & Sultan Anom.

Naskah

Ieu naskah téh sabagian ti naskah nu aya dina koropak nomer 406 nu disimpen di Musieum Nasional, Gedong Gajah, Jakarta. Lobana 47 lambar ukuran 21 x 3 cm, nu dina unggal lambarna dieusi tulisan 4 jajar (bulak-balik). Aksara nu dipaké nyaéta aksara Sunda kaganga.

Panalungtikan

Ieu naskah munggaran ditalungtik ku K.F. Holle, lajeng ku C.M. Pleyte, nu duanana mémang loba nalungtik sastra Sunda-Buhun. Lajeng ieu naskah dialihaksarakeun ku Purbacaraka, salaku tambahan pikeun laporan anjeunna ngeunaan Batu Tulis di Bogor. Tarékah ieu diteruskeun ku H. ten Dam (taun 1957) jeung J. Noorduyn (laporan panalungtikan taun 1962 jeung 1965). Salajengna, ieu naskah ogé ditalungtik ku sababaraha sarjana Sunda, di antarana Ma'mun Atmamiharja, Amir Sutaarga, Aca, Ayatrohaédi, sarta Édi S. Ékajati jeung Undang A. Darsa.

Eusi

Ieu naskah nyaritakeun sajarah Sunda, ti awal karajaan Galuh jaman Wretikandayun nepi ka runtagna Pakuan Pajajaran alatan kadéséh ku pangaruh Islam ti Demak jeung Cirebon (katut Banten).

Sempakwaja & Mandiminyak

Rahiyang Sanjaya

Ieu naskah loba pisan nyaritakeun Rahiyang Sanjaya, anu méméh jeneng di Galuh boga ngaran Rakéyan Jambri, padahal jeneng rajana téh ukur salapan taun. Rakéyan Jambri téh putrana Sang Séna, sedengkeun Sang Séna téh anak Mandiminyak ti Pwah Rababu (istrina Sempakwaja, kungsi di-'keudeu-keudeu' ku Mandiminyak).

Dina ieu naskah, Sanjaya kacaritakeun jago perang. Lian ti nu di pulo Jawa, Sanjaya ogé kungsi narajang wilayah-wilayah di Sumatra, kayaning Malayu, Sriwijaya, jeung Barus, malah nepi ka wewengkon kakawasaan Cina.

Perang Bubat

Dina lebah nyaritakeun Prabu Maharaja, anakna Aki Kolot, disebutkeun kieu

Manak deui Prebu Maharaja, lawasniya ratu tujuh tahun, kena kabawa ku kalawisaya, kabancana ku seuweu dimanten, ngaran Tohaan. Mundut agung dipipanumbasna. Urang réya sangkan nu angkat ka Jawa, mumul nu lakian di Sunda. Pan prangrang di Majapahit.

Mun dina basa Sunda kiwari, alihbasana kurang leuwih kieu,

Boga anak, Prebu Maharaja, lawasna jadi ratu tujuh taun, keuna ku kalawisaya, kabawa cilaka ku anakna, nu ngaranna Tohaan, ménta gedé panumbasna. Urang réa asalna indit ka Jawa, da embung boga salaki di Sunda. Heug wae perang di Majapahit.

Prabu Surawisésa

Prabu Surawisésa, putrana Ratu Jayadéwata, kawarisan kakawasaan Sunda dina mangsa anu henteu nguntungkeun, sabab wilayah-wilayahna loba nu baruntak, éléh pangaruh, atawa direbut ku karajaan Cirebon anu dibantuan ku Demak. Dina mangsa kakawasaanana anu 14 taun, Prabu Surawisésa mingpin bala saréwu dina 15 kali perang.

Disilihan inya ku Prebu Surawisésa, inya nu surup ka Padarén, kasuran, kadiran, kuwamén. Prangrang limawelas kali hanteu éléh, ngalakukeun bala sariwu. Prangrang ka Kalapa deung Aria Burah. Prangrang ka Tanjung. Prangrang ka Ancol kiyi. Prangrang ka Wahanten girang. Prangrang ka Simpang. Prangrang ka Gunungbatu. Prangrang ka Saungagung. Prangrang ka Rumbut. Prangrang ka Gunung. Prangrang ka Gunung Banjar. Prangrang ka Padang. Prangrang ka Panggoakan. Prangrang ka Muntur. Prangrang ka Hanum. Prangrang ka Pagerwesi. Prangrang ka Medangkahiyangan. Ti inya nu pulang ka Pakwan deui. hanteu nu nahunan deui, panteg hanca di bwana. Lawasniya ratu opatwelas tahun.

Dina tradisi lisan, Prabu Surawisésa ieu katelah Mundinglaya Dikusumah.

Patempatan/wilayah Sunda

Naskah Carita Parahiyangan loba pisan nyebut patempatan/wilayah nu, tangtuna, kaasup wilayah kakawasaan Sunda. Éta patempatan, aya nu nepi ka kiwari tetep kitu ngaranna, aya ogé nu geus teu aya di kieuna:

  • Ancol: Ancol, Jakarta Kalér
  • Arile, di Kuningan
  • Balamoha
  • Balaraja
  • Balitar
  • Barus
  • Batur
  • Berawan
  • Cilotiran
  • Cimara-upatah
  • Cina
  • Ciranjang
  • Cirebon: karajaan Cirebon
  • Datar
  • Demak: karajaan Demak
  • Demba, nusa
  • Denuh: wewengkon pakidulan
  • Galuh: karajaan Galuh, salah sahiji puseur pamaréntahan & kaadaban Sunda
  • Galunggung; gunung Galunggung
  • Gegelang
  • Gegeromas
  • Gunung
  • Gunung Banjar
  • Gunungbatu
  • Gunung Merapi
  • Hanum
  • Hujung Cariang
  • Huluwesi, Sanghiyang
  • Jampang
  • Jawa: wilayah urang Jawa (bagian wétan pulo Jawa)
  • Jawakapala
  • Jayagiri
  • Kahuripan
  • Kajaron
  • Kalapa: palabuan utama Sunda, kiwari Sunda Kelapa
  • Keling
  • Kemir
  • Kendan: karajaan nu ayana kira di sabudeureun gunung Kendan di wewengkon Nagrég, anu loba kapanggih batu obsidian nu katelah batu kendan.
  • Kiding
  • Kikis
  • Kreta
  • Kuningan: puseur kabupatén Kuningan
  • Lembuhuyu
  • Majapahit: karajaan Majapahit
  • Majaya
  • Malayu: karajaan Malayu di Sumatra
  • Mananggul
  • Mandiri
  • Medang
  • Medangjati
  • Medang Kahiangan
  • Menir
  • Muntur
  • Nusalarang
  • Padang
  • Padarén
  • Pagajahan
  • Pagerwesi
  • Pagoakan
  • Pajajaran: Pakuan Pajajaran, puseur karajaan Sunda, perenahna di Bogor kiwari
  • Pakuan: Pakuan Pajajaran, puseur karajaan Sunda, perenahna di Bogor kiwari
  • Pangpelengan
  • Paraga
  • Parahiyangan
  • Patégé
  • Puntang: gunung Puntang
  • Rajagaluh: Rajagaluh, Majalengka
  • Rancamaya, Sanghiyang: wewengkon kuloneun Ciawi, Bogor, kiwari jadi babakan paniisan méwah
  • Rumbut
  • Salajo
  • Saung Agung
  • Saunggalah
  • Simpang
  • Sumedeng
  • Sunda: karajaan Sunda anu puseurna di Pajajaran, Bogor
  • Taman
  • Tanjung
  • Tarum: Citarum
  • Tasik
  • Tiga, gunung
  • Wahanten-girang: Banten Girang
  • Wanakusuma, gunung
  • Winduraja
  • Wiru

DINASTI Sang Prabu Siliwangi pada abad ke-15, menjadikan Islam sebagai agamanya secara aman dan damai. Diawali dengan sebab adanya pernikahan kedua Sang Prabu Siliwangi dengan Subang Larang putri Ki Gedeng Tapa, Syah Bandar Cirebon. Subang Larang adalah santri Syekh Kuro atau Syekh Hasanuddin dengan pesantrennya di Karawang. Dinasti Sang Prabu Siliwangi dari pernikahannya dengan Subang Larang, terlahirlah tiga orang putra putri. Pertama, Pangeran Walangsungsang, kedua, Nyai Lara Santang dan ketiga Raja Sangara. Ketiga-tiganya masuk Islam.

Pesantren Syekh Kuro

Syekh Kuro yang dikenal pula dengan nama Syekh Hasanuddin, memegang peranan penting dalam masuknya pengaruh ajaran Islam ke keluarga Sang Prabu Siliwangi. Persahabatan Ki Gedeng Tapa dengan Syekh Kuro, menjadikan putrinya, Subang Larang masantren di Pesantren Syekh Kuro. Adapun kedudukan Ki Gedeng Tapa adalah sebagai Syahbandar di Cirebon. Menggantikan Ki Gedeng Sindangkasih setelah wafat. Ki Gedeng Tapa dikenal pula dengan nama Ki Gedeng Jumajan Jati.

Dalam Naskah Carita Purwaka Caruban Nagari-CPCN karya Pangeran Arya Cirebon yang ditulis (1720) atas dasar Negarakerta Bumi, menuturkan bahwa Ki Gedeng Sinangkasih memiliki kewenangan yang besar. Tidak hanya sebagai Syahbandar di Cirebon semata. Ternyata juga memiliki kewenangan mengangkat menantunya, Raden Pamanah Rasa sebagai Maharaja Pakwan Pajajaran dengan gelar Sang Prabu Siliwangi.

Adapun istri pertama Sang Prabu Siliwangi adalah Nyi Ambet Kasih putri kandung Ki Gedeng Sindangkasih. Istri kedua, Subang Larang putri Ki Gedeng Tapa. Isteri ketiga, Nyai Aciputih Putri dari Ki Dampu Awang.

Dari peristiwa pergantian kedudukan di atas ini, antara Ki Gedeng Tapa dan Sang Prabu Siliwangi memiliki kesamaan pewarisan. Keduanya memperoleh kekuasaan berasal dari Ki Gedeng Sindangkasih setelah wafat. Hubungan antara keduanya dikuatkan dengan pertalian pernikahan. Sang Prabu Siliwangi mempersunting putri Ki Gedeng Tapa yakni Subang Larang. Dengan demikian Sang Prabu Siliwangi adalah menantu Ki Gedeng Tapa.

Pernikahan di atas ini, mempunyai pengaruh yang besar terhadap kekuasaan politik yang sedang diemban oleh Sang Prabu Siliwangi. Tidaklah mungkin kelancaran kehidupan Kerajaan Hindu Pajajaran, tanpa kerja sama ekonomi dengan Syahbandar Cirebon, Ki Gedeng Tapa. Begitu pula sebaliknya, Ki Gedeng Tapa tidak mungkin aman kekuasaannya sebagai Syahbandar, bila tanpa perlindungan politik dari Sang Prabu Siliwangi. Guna memperkuat power of relation antar keduanya, maka diikat dengan tali pernikahan.

Pengaruh eksternal

Pengaruh islamisasi terhadap Dinasti Sang Prabu Siliwangi tidak dapat dilepaskan hubungan dengan pengaruh Islam di luar negeri. Di Timur Tengah, Fatimiyah (1171) dan Abbasiyah (1258) memang sudah tiada digantikan oleh kekuasaan Mamluk di Mesir dan Mongol di Baghdad. Namun pada kelanjutan Dinasti Khu Bilai Khan, Mongol pun memeluk Islam. Kemudian membangun kekaisaran Mongol Islam di India.

Perkembangan kekuasaan politik Islam di Timur Tengah di bawah Turki semakin berjaya. Konstantinopel dapat dikuasainya (1453). Di Cina Dinasti Ming (1363-1644) memberikan kesempatan orang-orang Islam untuk duduk dalam pemerintahan. Antara lain Laksamana Muslim Cheng Ho ditugaskan oleh Kaisar Yung Lo memimpin misi muhibah ke-36 negara. Antara lain ke Timur Tengah dan Nusantara (1405-1430). Membawa pasukan muslim 27.000 dengan 62 kapal. Demikian penuturan Lee Khoon Choy, dalam Indonesia Between Myth and Reality. Di Cirebon Laksmana Cheng Ho membangun mercusuar. Di Semarang mendirikan Kelenteng Sam Po Kong.

Misi muhibah Laksamana Cheng Ho tidak melakukan perampokan atau penjajahan. Bahkan memberikan bantuan membangun sesuatu yang diperlukan oleh wilayah yang didatanginya. Seperti Cirebon dengan mercusuarnya. Oleh karena itu, kedatangan Laksamana Cheng Ho disambut gembira oleh Ki Gedeng Tapa sebagai Syahbandar Cirebon.

Perubahan tatanan dunia politik dan ekonomi yang dipengaruhi oleh Islam seperti di atas, berdampak besar dalam keluarga Sang Prabu Siliwangi. Terutama sekali pengaruhnya terhadap Ki Gedeng Tapa sebagai Syahbandar di Cirebon.

Karena sangat banyak kapal niaga muslim yang berlabuh di pelabuhan Cirebon, kapal niaga dari India Islam, Timur Tengah Islam dan Cina Islam. Pembangunan mercusuar di pelabuhan Cirebon memungkinkan tumbuhnya rasa simpati Ki Gedeng Tapa sebagai Syahbandar Cirebon terhadap Islam. Dapat dilihat dari putrinya Subang Larang, sebelum dinikahkan dengan Sang Prabu Siliwangi, dipesantrenkan terlebih dahulu ke Syekh Kuro. Di bawah kondisi keluarga dan pengaruh eksternal yang demikian ini, putra putri Sang Prabu Siliwangi mencoba lebih mendalami Islam dengan berguru ke Syekh Datuk Kahfi dan Naik Haji.

Gunung dan guru

Naskah Carita Purwaka Caruban Nagari kelanjutannya menuturkan, setiap dalam upaya pencarian guru pasti tempat tinggalnya ada di Gunung. Tampaknya sudah menjadi rumus, para Guru Besar Agama atau Nabi selalu berada di Gunung. Dapat kita baca Rasulullah saw juga menerima wahyu Al Quran dan diangkat sebagai Rasul di Jabal Nur. Jauh sebelumnya, Nabi Adam as dijumpakan kembali dengan Siti Hawa ra, di Jabal Rahmah.

Tempat pendaratan Kapal Nuh as setelah banjir mereda di Jabal Hud. Pengangkatan Musa as sebagai Nabi di Jabal Tursina. Demikian pula Wali Sanga selalu terkait aktivitas dakwah atau ma kamnya dengan gunung. Tidak berbeda dengan kisah islamisasi putra putri Prabu Siliwangi erat hubungannya dengan guru-guru yang berada di gunung.

Subang Larang tidak mungkin mengajari Islam putra putrinya sendiri di istana Pakuan Pajajaran. Diizinkan putra pertamanya Pangeran Walangsungsang untuk berguru ke Syekh Datuk Kahfi di Gunung Amparan Jati. Di sini Pangeran Walangsungsang diberi nama Samadullah.

Walaupun demikian Pangeran Walangsungsang harus pula berguru kedua guru Sanghyang Naga di Gunung Ciangkap dan Nagagini di Gunung Cangak. Di sini Pangeran Walangsungsang diberikan gelar Kamadullah. Di Gunung Cangak ini pula berhasil mengalahkan Raja Bango. Pangeran Walangsungsang diberi gelar baru lagi Raden Kuncung. Dari data yang demikian, penambahan atau pergantian nama memiliki pengertian sebagai ijazah lulus dan wisuda dari studi di suatu perguruan.

Dengan cara yang sama Lara Santang harus pula mengaji ke Syekh Datuk Kahfi Cirebon. Dalam Naskah Babad Cirebon dikisahkan Lara Santang sebelum sampai ke Cirebon, berguru terlebih dahulu ke Nyai Ajar Sekati di Gunung Tangkuban Perahu. Kemudian menyusul berguru ke Ajar Cilawung di Gunung Cilawung. Di sini setelah lulus diberi nama Nyai Eling.

Naik haji

Atas anjuran Syekh Datuk Kahfi agar Pangeran Walangsungsang dan Lara Santang Naik Haji. Ternyata dalam masa Ibadah Haji di Makkah, Lara Santang dipersunting oleh Maolana Sultan Mahmud disebut pula Syarif Abdullah dari Mesir. Lara Santang setelah haji dikenal dengan nama Syarif Mudaim. Dari pernikahannya dengan Syarif Abdullah, lahir putranya, Syarif Hidayatullah pada 12 Mualid 1448 dikenal pula setelah wafat dengan nama Sunan Gunung Jati. Dan putra kedua adalah Syarif Nurullah.

Walangsungsang setelah haji, dikenal dengan nama Haji Abdullah Iman. Karena sebagai Kuwu di Pakungwati, dikenal dengan nama Cakrabuana. Prestasi Cakrabuana yang demikian menarik perhatian Sang Prabu Siliwangi, diberi gelar Sri Mangana. Pengakuan Sang Prabu Siliwangi yang demikian ini, menjadikan adik Walangsungsang atau Cakrabuana, yakni Raja Sangara masuk Islam dan naik haji kemudian berubah nama menjadi Haji Mansur.

Untuk lebih lengkapnya kisah islamisasi Dinasti Sang Prabu Siliwangi, dapat dibaca pada Dr. H. Dadan Wildan M.Hum, Sunan Gunung Jati Antara Fiksi dan Fakta.

Silsilah Prabu Siliwangi

Kembali ke masalah pokok artikel saya di atas ini. Suatu artikel yang saya angkat dari karya Dr. H. Dadan Wildan M.Hum. Bagi saya sejarah Prabu Siliwangi merupakan belukar yang sukar saya pahami. Dari karya Dr. H. Dadan Wildan M.Hum ada bagian sangat menarik, Carita Purwaka Caruban Nagari-CPCN karya Pangeran Arya Cerbon 1720. Diangkat dari terjemahannya karya Pangeran Sulendraningrat (1972), dan Drs. Atja (1986).

Prabu Siliwangi seorang raja besar dari Pakuan Pajajaran. Putra dari Prabu Anggalarang dari dinasti Galuh yang berkuasa di Surawisesa atau Kraton Galuh. Pada masa mudanya dikenal dengan nama Raden Pamanah Rasa. Diasuh oleh Ki Gedeng Sindangkasih, seorang juru pelabuhan Muara Jati.

Istri pertama adalah Nyi Ambetkasih, putri dari Ki Gedengkasih. Istri kedua, Nyai Subang Larang putri dari Ki Gedeng Tapa. Ketiga, Aciputih Putri dari Ki Dampu Awang.

Selain itu, CPCN juga menuturkan silsilah Prabu Siliwangi sebagai ke turunan ke-12 dari Maharaja Adimulia. Selanjutnya bila diurut dari bawah ke atas, Prabu Siliwangi (12) adalah putra dari (11) Prabu Anggalarang, (10) Prabu Mundingkati (9) Prabu Banyakwangi (8) Banyaklarang (7) Prabu Susuk tunggal (6) Prabu Wastukencana (5) Prabu Linggawesi (4) Prabu Linggahiyang (3) Sri Ratu Purbasari (2) Prabu Ciungwanara (1) Maharaja Adimulia. Sudah menjadi tradisi penulisan silsilah, hanya menuliskan urutan nama. Tidak dituturkan peristiwa apa yang dihadapi pada zaman pelaku sejarah yang menyangdang nama-nama tersebut. Kadang-kadang juga disebut makamnya di mana.

Pengenalan Islam

Adapun Dinasti Prabu Siliwangi yang masuk Islam adalah dari garis ibu, Subang Larang. Dapat dipastikan dari Subang Larang ajaran Islam mulai dikenal oleh putra-putrinya. Walaupun Subang Larang sebagai putri Ki Gedeng Taparaja Singapora bawahan dari Kerajaan Pajajaran. Namun Subang Larang adalah murid dari Syekh Hasanuddin atau dikenal pula sebagai Syekh Kuro.

Adapun putra pertama adalah Walangsungsang. Kedua, putri Nyai Larang Santang. Ketiga, Raja Sangara. Tidak mungkin Subang Larang dengan bebas membelajarkan ajaran Islam secara terbuka dalam lingkungan istana. Oleh karena itu, Walangsungsang, mempelopori meninggalkan istana dan berguru kepada Syekh Datuk Kahfi di Gunung Amparan Jati di Cirebon. Syekh Datuk Kahfi dikenal pula dengan nama Syekh Nuruljati.

Dalam pengajian dengan Syekh Nurjati, diwisuda dengan ditandai pergantian nama menjadi Ki Somadullah. Kemudian membuka pedukuhan baru, Kebon Pesisir. Kelanjutannya menikah dengan Nyai Kencana Larang putri Ki Gedeng Alang Alang. Dari sini memperoleh gelar baru Ki Wirabumi.***

-Penulis adalah ahli sejarah. Sumber tulisan: http://www.pikiran-rakyat.com/cetak/1104/22/teropong/lainnya2.htm


Rakeyan Mundinglaya Rakeyan Mundingwangi Rakeyan Munding Sari / SILIWANGI I SILIWANGI II Mundingkawati / Rd. Samadullah Surawisesa SILIWANGI III Mundinglayadikusumah Sri Paduka Maharaja Prabu Guru Gantangan Sang Sri Sri Paduka Maharaja Prabu Guru Tumenggung Cakrabuana Wangsa Jaya Dewata / Dewata Prana Sang Prabu Guru Ratu Gopa Prana Sang Prabu Walangsungsang Ki Ageng Pamanah Rasa / Dewata / Dalem Martasinga Sunan Pagulingan / Kebo Anabrang ? Syekh Rachmat Syarif Kebo Kenongo / Hidayatullah Sunan Rd. Kumetir / Layang Kumetir Gunung Jati I Ki Ageng Pamanahan / Kebo Mundaran ?

Tidak ada komentar:

Posting Komentar